Halaman

2.333 Sarjana Lulusan UPBJJ – UT Bandung Narima Izajah

Aya 2.333 sarjana (S1) lulusan  Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ)  Universitas Terbuka (UT)  Bandung nu narima izajah dina acara kagiatan Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) lumangsung poe Rebo 27 Februari 2013 di gedong Graha Batununggal Indah,Jl.Soekarno-Hatta Buah Batu Bandung. Sajumlah lulusan ieu teh  ngawengku  masing-masing  1.776  ti program  Pendas PGSD jeung  557 PGPAUD sarta 3 lulusan Non Pendas ngarupakeun hasil yudicium 7 Agustus,04 Oktober jeung 10 Desember 2012.   Tina sajumlah lulusan  kapeto aya  3 lulusan  meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) pangonjoyna ti  PGPAUD kabehannana  asal kabupaten Kuningan nyaeta Pipih Nafilah M,S.Pd.AUD  (IPK 3,86), Eni Sukaeni,S.Pd.AUD (3,79),Yesi Nurmalia,S.Pd .AUD  (3,78).   Kagiatan acara masrahkeun izajah  lian ti diluuhan rektor UT  Prof.Ir.Tian Belawati M.Ed.Ph.D oge Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan provinsi Jawa Barat Prof.Dr.H.Moh.Wahyudin Zarkasyi,CPA,rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI),Kepala Dinas Pendidikan Kab/Kota di wilayah kerja UPBJJ-UT Bandung,Para pengurus kelompok belajar,para tutor,mitra kerja  sarta Kepala UPBJJ Bandung  Dra.Hj.Dina Thaib,M.Ed turta Staf.
Numutkeun  Dina Thaib ngajentrekeun  ka Koran Giwangkara yen  diayakeunnana  kagiatan acara ieu teh keur lulusan UT nu henteu bisa miluan wisuda  di UT pusat  balukar kawatesanna jumlah quota jeung sababaraha alesan  sejenna. Kukituna dilaksanakeun di UPBJJ luyu jeung panduan pelaksanakan UPI bari jeung henteu ngurangan kahidmatanna. ” Ari tujuanna mah nyaeta masrahkeun deui mahasiswa nu geus ngaronjatkeun kualifikasi pendidikan nu dinyatakeun lulus ku UT ka Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Propinsi Jawa Barat.
Sedengkeun rektor UT Tian Belawati dina biantarana lian ti ngawilujeungkeun ka para lulusan ku geus meunangna  kualifikasi jeung gelar akademik oge ngingetan yen momentumUPI ieu lain ngarupakeun muara  atawa ahir tina sakabeh aktivitas pembelajaran nu geus dilakukeun,kulantaran ku geus ngaronjatna strata pendidikan nu dipibanda,tangtuna bakal ngaronjat  tungtutan masarakat,kukituna kudu terus ngayakeun tarekah ngaronjatkeun kualitas diri supaya bisa icikibung dina pangwangunan Indonesia sarta
 umajak ka para lulusan katut  kulawargana sangkan miluan aub  ilubiung   ngaronjatkeun  partisipasina dina pangwangunan ku cara ngarojong sagala tarekah nu dilakukeun ku pemerintah pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakatna. Pangwangunan  nu dimaksud   tangtuna  lain  ngan  pangwangunan fisik,tapi kaasup pangwangunan mental jeung spiritual bangsa,kukituna para lulusan nu mibanda propesi salaku guru  tangtuna bisa partisipasi dina pangwangunan manusa Indonesia. “ Pikeun miluan partisipasi ,tangtuna  bisa dimimitian ti diri  para lulusan  sewang-sewangan kudu jadi suri tauladan  pikeun picontoeun  di  masarakat   disabudeureun dina tingkah laku. Satuluyna  ngajak ngalaksanakeun tugas nu hade”.ceuk Tian Belawati.(Suherman.S).-  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar