Halaman

Dina Acara Wisuda ka 57 : UIN SGD Bandung Ngistrenan 970 Lulusan

Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung ngawisuda 970 lulusan dina prosesi sidang terbuka senat wisuda ka 57 dipingpin rektor  UIN SGD Bandung Prof.Dr.H.Deddy Ismatullah,SH,M,Hum  lumangsung poe Saptu 16 Maret 2013 di Auditorium UIN SGD ,Jl.A.H.Nasution No,105 Bandung, lulusan ieu teh  asalna 55  jiwa  ti Fakultas Adab & Humaniora,  89 jiwa ti   Dakwah & Komunikasi, 45 jiwa ti  Psikologi, 147 jiwa ti Sains & Teknologi, 124 jiwa ti Syari’ah & Hukum, 290 jiwa ti  Tarbiyah & Keguruan,  25 jiwa ti Ushuludin,  160 jiwa ti Ilmu Sosial & Ilmu Politik (FISIP) jeung Program Pasca Sarjana ngawengku S2 aya 30 jiwa sarta S3 aya 5 jiwa. Sajumlah lulusan harita  distrenan rektor,diantarana  31 lulusan ,meunang pangajen  yudicium cumlaude oge nu meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) pangonjoyna  nyaeta Dini Agustina Nuryati, 3,93 jeung  Ade Iskandar  3,89 ti FISIP,Syifauzakia  3,87 ti Tarbiyah & Keguruan jeung  Arum Ningning  ti Dakwah & Komunikasi sarta Dr.H.Aden Rosadi,M.Ag  3,73  ti Program Pasca Sarjana..Nyakitu deui  dina ieu kasempetan  lian ti  rektor mere pangajen ka para lulusan oge mere pangajen ka 11 mahasiswa mibanda prestasi widang  Tahfidz Quran nyaeta dua tahfidz lengkep 30 juz ka Santi Yuliani Nur H jeung Dede Muhammad Mansur (Fakultas Tarbiyah),tahfidz 15 juz Nuri Noor Azizah  (Tarbiyah & Keguruan), Ibnu Mahmub (Psikologi),Darman, Huriyatun Nida,Abdul Wahab,Sri Rachmawati,Aswin jeung Ahmad Fauzi Ridwan (Ushuludin) jeung tahfiz 10 juz Shofi Mardiyah Salsabila (Sains & Teknologi).
Numutkeun rektor dina  biantarana saperti diberitakeun Koran Giwangkara satiap lulusan kudu mibanda kompetensi dina raraga nyanghareupan saingan global  nu tetep ngeumbing  kana ajen inajen kaislaman  diantarana wae kudu nguasa teknologi,,komputer ilmu umum  jeung bahasa asing  sarta  lulusan  UIN SGD Bandung wajib apal  Alquran minimal 2 juz ,sedengkeunn lulusan  UIN ti  jurusan umum saperti jurusan matematika,fikom sarta jurusan lainna minimal 1 juz  . “ Salaku salah sahiji perguruan tinggi, UIN SGD Bandung  geus mampu ngaadumaniskeun ilmu kaislaman jeung ilmu umum,  sangkan lulusanna bisa makalangan di widang kaislaman tapi oge  beunghar wawasanna  dina widang umum “.pokna..Satuluyna  rektor  lian ti  peupeujeuh ka para lulusan sangkan ilmu,pangalaman nu geus  dipibanda salila nyuprih ilmu di UIN SGD  mudah-mudahhan  mangfaat sarta dijadikeun  life skill  nu aya gunana dina nyanghareupan  mangsa  bakal  datang nu leuwih hade jeung  dijadikeun bekel keur  makalangan di masarakat  kaasup  dina negakkeun syiar Islam..Oge inyana ngingetan . yen jenjang pendidikan para lulusan nu geus direngsekeun ieu teh  lain  akhir tina proses belajar,tapi ngarupakeun awal proses belajar di masarakat.Kukituna dina nyanghareupan dinamika masarakat diperlukeun sikep nu arif turta wijaksana,lain ku sikep konfrontatif sok komo bari jeung anarkis.(Suherman.S).- 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar