Halaman

Hj.Ani Kenangasari,SE,M.Si,Ak Ketua Koperasi Karyawan Kopertis Wilayah IV Periode 2013- 2017

Koperasi Karyawan (Kopkar) Kopertis Wilayah IV Jabar  & Banten poe Senen 18 Maret 2013  lumangsung di aula Gedong I kantorna Jl.P.H.Hasan Mustopa No.38 Bandung ngalaksanakeun Rapat Anggota Taunan (RAT) taun Buku 2012 nyokot tema  “ Melalui RAT Tahun Buku 2012 Koperasi Karyawan Kopertis Wlayah IV Membina Dan Mengembangkan Kesehjahteraan Anggota Secara Berkelanjutan”. Kagiatan acara  RAT dipingpin  Ketua Kopkar Kopertis Wilayah  IV Periode 2008 – 2012 Dr.H.Purwadi dijejeran rengrengan pengurus katut pengawas,para anggota sarta  diluuhan  Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Prof.Dr.Ir.H. Abdul Hakim Halim,M.Sc  salaku Pembina oge  pejabat ti  Dinas  Indag Koperasi & UKM  kota Bandung sarta Drs.H.Asep Nurdin M.Si salaku pengurus Dekopinda  kota Bandung.  
Numutkeun  Purwadi dina biantara laporan pertanggungan  jawabanna ngebrehkeun  yen .dilaksanakeunnana rapat anggota taun  ayeuna mibanda arti penting jeung strategis,kulantaran laporan ayeuna babarengan jeung rengsena masa bakti pengurus periode 2008-2012 . Kukituna  pihakna ngarasa perlu mere laporan sacara umum  ngagambarkeun spektrum lumakuna  salila lima taun .“ Simkuring  ngarasakeun salila  lima taun  ngajalankeun organisasi koperasi geuningan henteu pati nyugemakeun sakabeh anggota ,kulantaran masih loba halangan harungan dina  ningkatkeun pelayananna nu leuwih hade . Tapi sok sanajan kitu  ari pelayanan ka anggota  nu  jumlahna  1.205 jiwa ngawengku 1.071 tenaga edukatif,122 tenaga administrasi,12 karyawan  koperasi  tetep jalan satekah polah  ngeureuyeuh  samalah mah  pelayanan  ray taun ka taun  terus ngaronjat  cukup signifikan “.pokna.
Satuluyna inyana  netelakeun  total asset undak tina Rp 23.695.020.564,- dina taun 2008 jadi Rp 38.264.847.011,- di taun 2012 jadi aya kanaekan gedena Rp.14.569.826.447,- atawa gedena 61 %. Nyakitu deui beubeunangan Sisa Hasil Usaha (SHU)  ngaronjat 45 %,volume realisasi kredit undak 81 % sarta plafond injeuman ningkat 50 % sarta omzet toko  undak 4 %.. Pon kitu deui konsekkuensi nu timbul akibat gawe bareng jeung pihak perbankan nyaeta ayana kawajiban/hutang. Dina taun 2008 total  kawajiban koperasi gedena Rp.20.243.804.649,- ngaronjat jadi  Rp.32.366.530.677,- dina taun 2012 atawa gedena 60 %. Hal ieu nunjukeun yen  tingkat kapercayaan pihak perbankan khususna Bank Saudara ka koperasi beuki ngaronjat ,buktina nyaeta terus beuki undakna mere waragad modal kerja khususna  nyalurkeun kredit ka para anggota.
“Ku geus  aya dina kamajuan,sangkan koperasi bisa mertahankeun trend  sangkan tetep dina kondisina ,koperasi perlu ngagali sumber kagiatan anyar sarta perlu oge meunang  perhatian daria rojongan partisipasi  anggota leuwih aktif  deui.kukituna  ngaliwatan RAT ieu diharepkeun mampu nyokot kaputusan-kaputusan strategis nu ngarojong tumuwuhna peran koperasi”.ceuk Purwadi. Dina ieu kasempetan  RAT dieuyeuban  IV kali jirangan Door Prize  lian ti  dina pandangan umum  para anggota  narima sapuk   nyaluyuan  laporan  pengurus sarta ngabahas Rencana Anggaran Pendapatan & Belanja (RAPB)  taun buku 2013 oge hasil milih pengurus anyar nyaeta  Hj.Ani Kenangasari,SE,M.Si,Ak  nu asalna salaku Anggota Pengawas pikeun nyangking kalungguhan jadi Ketua Kopkar  Kopertis Wilayah IV Periode  2013- 2017  sarta  nangtukeun sababaraha urang   para  anggota koperasi  nu jadi calon jemaah haji jeung  umroh taun 2013.(Suherman.S).- 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar