Halaman

Beubeunangan Usaha Koperasi SMAN 7 Bandung Naek 15,76 %

Ketua Koperasi Pegawai Republik Indonesia ( KPRI) SMA Negeri 7 Bandung Periode 2011-2013  Drs. Dede Darwadi  miharep  lian ti  rengrengan pengurus kudu tetep ngaronjatkeun kualitas pelayanan jeung hasil usahana  sangkan bisa ngaraharjakeun anggota nyakitu deui sabalikna  anggota koperasi ulah cicingeun kudu ngarojong dina sagala kagiatan usaha koperasi. Harepan ieu didugikeun dihareupeun 90 urang anggotana waktu  Rapat Anggota Tahunan (RAT)  Taun Buku  2012 lumangsung poe Sabtu 16 Pebruari 2012 di aula SMAN 7 Bandung Jl.Lengkong Kecil No.53 Bandung  nu dina ieu kaempetan lian ti dijejeran rengrengan pengurusna ngawengku Sekretaris : Apep Rahdiana,S.Pd,Bendahara : Dra.Hj.Wiwi Widaningsih, Staf  Unit Simpan Pinjam : Dra.Yuyun Sariningsih,Staf Unit Niaga : Dra.Hj.Dewi Kurniati,Staf Pemotongan : Anisah & Yayan Nur’aini, Ketua Pengawas : Drs.M.Ahyar, Anggota Pengawas : Dra.Hj.Ida Farida,  & Dyah Sri Andayani S.Pd oge diluuhan Kepala SMAN 7 Bandung Drs.Wawan Suandana,MM  salalaku Penasehat,Sekretaris  PKPRI kota Bandung Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd  jeung Kepala UKM Perindag kota Bandung Drs.Ema Sumarna M.Si.
Numutkeun Dede Darwadi netelakeun ka Koran Giwangkara  kua yana sabilulungan kieu teh  bari jeung dibarengan sumanget usaha tangtuna masih aya lolongkrang pikeun maju. “ Kukituna Pengurus jeung Pengawas nu dina taun 2013 ngarupakeun taun pamungkas bari jeung dina kaayaan  situasi kondisi ekonomi nasional  nu can nyugemakeun  ditungtut pikeun ngalaksanakeun kinerja  kalayan optimal  turta mibanda kualitas sok sanajan tugas poko sapopoena masing-masing salaku pagawe di lingkungan SMAN 7 Bandung. Saupama dititenan kondisi tumuwuhna ekomomi nasional masih handap ari caah rongkahna  globalisasi/liberalisasi  ekonomi  kalah ka  beuki kuat. Nyakitu deui kawijaksanaan pemerintah masih ngawatasenan usaha koperasi nu anggotana ngan pendidik jeung tenaga pendidikan wungkul nyaeta ayana larangan ngajual pakaian seragam  jeung alat kaperluan sakola ,buku pelajaran jeung  Lembaran Kerja Soal (LKS) sarta kaperluan barudak sakola sejenna.Nyanghareupan , masalah eta  KPRI SMAN 7 Bandung kudu tetep,  maju ku cara ngagolangkeun modal sarta ngatur strategi usaha ku cara ngokolakeun manajemen organisasi nu kuat,demokratis , transparan . bari dibarung  ku gawe rancagena pengurus .

Balukar banting tulangna pengurus ,sarta  ayana kawijakan ti kepala sakola salaku penasehat koperasi jeung  rojongan Badan Pengawas  sarta partisipasi anggota, geuningan Taun Buku 2012 nunjukeun  ayana   kamajuan hasil usaha bisa nedunan  jeung ngaraharjakeun anggotana “.Beubeunangan tina sajumlah Widang usaha ngawengku Simpan Pinjam,Usaha Niaga sarta usaha sejenna nyaeta nyewakeun kios,kantin disabeudeureun sakola pikeun pedagang nyaeta meunang  Rp.319.761.416,00.- naek 15,76 %  ti taun kamari sarta kakayaanna  kacatet Rp 1.738.821.368,00,- turta  meunang Sisa Hasil Usaha (SHU) na rada  mucekil   Rp 72.346.479,00,- ngaronjat  38,96 %  ti taun saacanna.“Kamajuan koperasi ieu  direncanakeun di taun,, 2013 rek terus dironjatkeun boh widang organisasi lian ti rek ngabebenah administrasi koperasi,organisasi jeung keuangan sarta administrasi usaha oge nyosiolasikeun Undang-Undang Perkoperasian No.17 Tahun 2012   sarta dina widang usaha koperasi rek ngagolangkeun modal sorangan ku cara  naekeun Simpana Wajib Anggota  jadi Rp.200.000,- per Anggota/bulan nu asalna  ngan Rp 140.000,- “.Ceuk  Dede Darwadi.

Sedengkeun Kepala SMAN 7 Bandung  Wawan Suandana  salaku penasehat  ngarasa reueus ku ayana koperasi di sakola nu dipingpinna   beuki maju  kulantaran geus bisa ngaraharjakeun  nenudan kabutuhan anggotana, kukituna pretasi kaberhasilan perlu dipertahankeun bari jeung kinerjana terus dironjatkeun.Mairan ngeunaan koperasi nyadiakeun sagala rupa kabutuhan barudak sakola Kepala UKM  Perindag kota Bandung Ema Sumarna ngarasa gumbira turta ngarojong pisan kulantarana saeutikna bisa nambahan beubeunangan unit  usahana. “ Simkuring salaku aparat pemerintah moal rek ngalarang,,jadi pengurus tong ngarasa  galau,kulantaran nu dilarang teh lamun di kudukeun atawa diwajibkeun,jadi saupama para siswa mareuli kabutuhan kaperluanna   sacara sukarela mah  teu nanaon”.teges Ema Sumarna(Suherman.S).-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar