Halaman

Usaha Koperasi PPPG Tertulis Lancar Nyumponan Kabutuh Anggota

Ketua Koperasi Pegawai Republik Indonesia (KPRI) Pusat Pengembangan Penataran Guru  (PPPG) Tertulis Bandung Drs.Hasan Rochjadi,M.Pd netelakeun  kagiatan manajemen  jeung organisasi koperasina cukup lancar sarta usahana bisa  nyumponanan  kabutuhan anggota. Kitu ditembrakkeun dina Acara Rapat Anggota Taunan (RAT) Koperasi PPPG Tertulis  Bandung  taun usaha 2012 lumangsung  poe Rebo 13 Pebruari 2013 di aula kantorna Jl.Dr.Cipto No.9 Bandung nu harita dijejeran rengrengan pengurus ngawengku  Sekretaris  I : Kusmana,SE, Sekretaris II :Sitony Budiman,SE,Ak,Bendahara I : Drs. Andi Rusbandi,Bendahara II :Wisnu Wibawa Nugraha,SE sarta Ketua Pengawas : Asep Saprudin,ST,M.Ak,Anggota Pengawas : Drs. Hermansyah,M.Pd jeung Ei Nurlaela,SE.    Dina ieu kasempetan hadir  lian ti diluuhan  Kepala  PPPPTK & PLB (Pusat Pengembangan Pemberdayaan Pendidikan & Tenaga Kependidikan  Taman Kanak-Kanak  & Pendidikan Luar Biasa) Drs.E.Nurzaman A.M.M.Si,MM  salaku Pembina oge Pejabat Dinas Peridag UKM,Pengurus Dekopinda Drs.Asep Supriatna jeung Sekretaris PKPRI kota Bandung Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd  ngadugikeun biantarana sakalian masrahkeum sepeda sumbangan ti PKPRI kota Bandung pikeun door prize acara RAT.
Numutkeun Hasan Rochjadi Koperasi PPPG Tertulis saperti diberitakeun Koran Giwangkara didirikeun tanggal 19 September  1968  tapi  pikeun  taun usaha 2012 ngarupakeun taun kadua kapangurusan periode 2011-2013,salila periode ieu Alhamdullilah geus ngayakeun tarekah  ngajalankeun sagala amanat dumasar hasil RAT taun 2011 sok sanajan dirasakeun  masih loba kakurangan,tapi ku ayana rempug jukungna babarengan antara pengurus,pengawas  jeung para anggota bari jeung ayana rojongan  ti Pembina nyaeta Kantor PPPPTK & PLB satiap kakurangan bisa diomean ,usahana aya dina kalancaran boh  tina produk niaga,simpan pinjam jeung konsumsi bisa ngalayani jeung ngaraharjakeun  anggota.
Koperasina salila ieu mere  injeuman ngawaragadan  turta ngajualan barang ka anggotana jeung masarakat.,nepi ka taun 2012 jumlah pagawe nu dilayani ku koperasi reana 161 anggota sarta 22  anggota luar biasa”. Ku kagiatan usahana aya dina kalancaran mawa pangaruh  kana beubeunangan Sisa Hasil Usaha (SHU) na  terus ngaronjat   di taun 2011 harita meunang Rp.118.715.260,- sedengkeun taun 2012  rada mucekil undak   jadi  Rp.121.413.447,-. Diharepkeun  pikeun bebeunangan SHU taun 2013 luyu jeung Rencana Kerja & Rencana Anggaran  Pendapatan & Belanja (RK & RAPB)  Tahun Usaha 2013 diancokeun kudu meunang Rp.133.516.292,-.“ Lian ti  dina  rencana kerja 2013 nargetkeun SHU oge garapan sejenna rek terus ngabebenah  widang organisasi jeung manajemen  sarta terus ngagolangkeun modal usaha  nyakitu deui dina widang sosial rek mere kadeudeuh ka anggota nu rek pangsiun gedena Rp.500.000,- “.ceuk Hasan Rochyadi.(Suherman.S).-    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar