Halaman

SHU Ngaronjat 26,72 % : Koperasi Pegawai Dinas Pertanian Tanaman Pangan Prov Jabar “ Dewi Sri “


Ketua Koperasi Pegawai Dinas Pertanian Tanaman  Pangan Provinsi Jawa Barat “Dewi Sri “ Periode 2010-2012  Ir.H..Diden Trisnadi  MP  nu oge nyepeng kalungguhan salaku Kepala Dinas Pertanian Tanaman Pangan  provinsi Jawa Barat netelakeun Rencana Kerja jeung Rencana Anggaran Pendapatan  & Belanja taun buku 2013 masih tetep  diarahkeun kana mertahankeun  jeung ngaronjatkeun tina  beubeunanangan  hasil usahanana. “ Perencanaan  jeung pelaksanaan kagiatan koperasi pikeun taun 2013 ngarupakeun runtuyan  nu henteu  bisa dipisahkeun tina pelaksanaan kagiatan taun-taun saacanna  ku cara ngagunakeun  jeung madukeun antara rencana jeung realisasi taun buku nu geus kaliwat “. Ceuk Diden
Trisnadi dijejeran Sekretaris : Ucu Saepudin,S.Sos,MM, Bendahara Drs.Budi Somantri, Ketua Pengawas : Drs.H.Iyus Ruslan,MM,Anggota Pengawas  Mulyanto SP jeung Edwin Firmanto,STP oge dina ieu kasempetan diluuhan Pejabat Dinas UKM Perindag kota Bandung,Ketua Dekopinda  H.Usep Sumarno,SH,SE, ,MM  jeung Pengurus PKPRI kota Bandung  Mohamad Arifin Waktu Acara Rapat Anggota Tahunan (RAT)  Taun Buku 2012 sarta ngabahas Rencana Kerja & Rencana Anggaran Pendapatan & Belanja (RK & RAPB)  Taun Buku 2013 lumangsung poe Kemis  28 Pebruari 2013  di  Ruang Sidang R.Soejoed  kantor Dinas Pertanian Tanaman Pangan Provinsi Jawa Barat  Jl.Surapati No.71 Bandung.
 Numutkeun  Diden Trisnadi netelakeun ka Koran Giwangkara taun buku 2012 nyaeta taun buku pamungkas  masa bakti kepengurusan Koperasi  nu mawa hasil  beubeunangan usahana rada mucekil   nyaeta  Sisa Hasil Usaha (SHU) na  meunang Rp.321.442.444, 60,- ngaleuwihan  target nu diancokeun  Rp.253.160,00,-  sarta ngaronjat 26,72 % saupama dibandingkeun jeung  SHU taun saacanna harita ngan meunang  Rp.253.657.544,97,-.Diharepkeun dumasar RAPB  Taun Buku 2013 beubeunangan  SHU taun buku 2013 diperkirakeun  ngan meunang Rp.260.065.000,- diluhureun rencana taun buku  2012 nyaeta  Rp.253.160.000,-.
Di taun 2012 pihakna masih tetep  ngutamakeun pelayanan ,kapuasan  jeung ngaraharjakeun anggota  boh nu sifatna manfaat langsung nyakitu deui manfaat henteu langsung .Ari satuluyna pikeun taun hareup sok sanajan beurat  mertahankeunnana,mudah-mudahhan pengurus anyar kapilih bakal leuwih hade  deui  mere pelayanan sarta meunang kauntungan  nu leuwih gede  tangtuna bakal diluyukeun jeung kamampuan  nu dipibanda ku koperasi.Sedengkeun  rencana sejenna nu bakal dilaksanakeun  di koperasi Dewi Sri nu kiwari  mibanda  517 anggota lian ti rek ngomean kakurangan jeung kalemahan oge dina widang usaha rek ngaronjatkeun unit usaha koperasi  ngawengku Unit Simpan Pinjam setara Bank luyu jeung kamampuan koperasi  jeung kamampuan anggota pikeun malikeunnana,unit usaha niaga (elektroni k & lainna),unit usaha motor,usaha Foto Copy,unit usaha Sembako,Unit Rental mobil. Pikeun tarif sewa mobil tetep Rp.250.000,-/24 jam,sedengkeun pikeun sewa 12 jam tarifna Rp.150.000,-/12 jam. “ Nyakitu deui rek ngaantisipasi jeung ngamangfatkeun peluang nu aya,tangtuna ku ayana rojongan,kasiapan,kamampuan jeung kasanggupan pengurus,partisipasi aktif  ti sakabeh anggota sarta bimbingan jeung binaan ti para Pembina “.ceuk Diden Trisnadi.(Suherman.S).-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar